:

2 Raja-raja 11

1

Barang Atalya ibu Raja Ahasia uningaeun yen putrana ditelasan, terus bae marentah supaya sakabeh anggota kulawargi raja ditumpur. Seug ditumpur.

2

Tapi aya saurang anu salamet, nya eta Yoas putra Ahasia. Eta oge meh beunang dipaehan, tapi kaburu disalametkeun ku Yoseba, bibina, putra Raja Yehoram, kapisaderek Ahasia, tuluy disumputkeun jeung pangasuhna di hiji kamar di jero Bait Allah, jadi henteu milu tiwas.

3

Eta murangkalih disumputkeunana di Bait Allah meunang genep taun, dirawatan ku Yoseba; sajeroning kitu Atalya jadi ratu.

4

Dina katujuh taunna, Imam Yoyada ngahaturanan opsir-opsir pangawal karajaan jeung pangawal karaton ka Bait Allah, diajak pasini, lantaran anjeunna kagungan rasiah. Sanggeus kabeh disumpah yen moal rek ucah-aceh, anjeunna nembongkeun Yoas putra Ahasia.

5

Geus kitu anjeunna ngatur, saurna, "Engke dina giliran aranjeun ngajagi dina poe Sabat, sapertilu ngajagi di karaton,

6

sapertilu ngajagi di Gapura Sur, sapertilu deui ngajagi di lawang pungkureun para tamtama sanesna.

7

Anu dua bagian, anu henteu ngajaga dina poe Sabat kudu aya di Bait Allah nangtayungan raja.

8

Mun Raja Yoas ka ditu ka dieu kudu ditangtayungan, pedang abarkeun. Sing saha anu ngadeukeutan, paehan."

9

Parentah Yoyada ku opsir-opsir digumatikeun. Para prajuritna anu kagiliran jaga poe Sabat jeung anu keur henteu kagiliran jaga dikumpulkeun ka anjeunna.

10

Opsir-opsir ku anjeunna dibagi tumbak titinggal Raja Daud anu disimpen di Bait Allah.

11

Palataran Bait Allah sakurilingna dipiwarang dijaga ku anu maresat pedang, nangtayungan raja.

12

Geus kitu Yoas ku Yoyada dicandak ka luar, rap dimakutaan, terus diselehan salinan palaturan martabat raja. Yoas geus dilisahan dijenengkeun raja. Jalma rea sarurak, "Wilujeng raja!"

13

Surakna para pangawal jeung jalma rea kadangu ku Ratu Atalya. Anjeunna gesat-gesut angkat ka Bait Allah, ari sumping nyampak jalma sakitu lobana.

14

Katingalieun raja anyar keur ngadeg dina parantina deukeut tihang lawang asup ka rohangan Bait Allah, digendeng ku para gegeden jeung pasukan tarompet. Jalma-jalma sarurak dibarung ku nu nariup tarompet. Atalya nyosoeh anggoanana, liwat saking benduna, tuluy ngadengek, "Hianat! Hianat!"

15

Yoyada marentah ka opsir-opsir, nyegah sangkan Atalya ulah dipaehan di lingkungan Bait Allah. Parentahna, "Kaluarkeun! Bere jalan antara barisan pangawal! Anu nyoba-nyoba nulungan paehan!"

16

Atalya pada nyerek, dibawa kaluar dibawa deui ka karaton, tuluy dipaehan di Gapura Kuda, tuluy dipaehan di dinya.

17

Imam Yoyada miwarang sangkan Raja Yoas jeung rahayat ngayakeun perjangjian jeung PANGERAN yen baris jadi umat PANGERAN, kitu deui perjangjian antara raja reujeung rahayatna.

18

Geus kitu jalma rea arindit ka gedong Baal, eta gedong dirubuhkeun, altar-altar jeung arca-arcana diruksak-ruksakkeun, sarta Matan imam Baal dipaehan hareupeun altar. Yoyada nempatkeun pasukan jaga di Bait Allah.

19

Ti dinya anjeunna, para gegeden, para pangaping raja, jeung para pangawal karaton, ngalulungsur raja ti Bait Allah ka karaton, dijajap ku jalma rea. Yoas lebet nganggo jalan Gapura Pangawal, gek linggih dina singgasana.

20

Rahayat ngarasa bagja, nagara jadi kerta. Ari Atalya geus ditelasan di karaton.

21

Yoas jadi raja nagara Yuda dina yuswa tujuh taun.

Link: